Rabu, 12 April 2017

Primbon Sunda Kedutan

Primbon Sunda Kedutan
1. Kedutan dina Sirah = Meunang kahade'an
2. Kedutan dina embun-embunan = meunang pangkat
3. Kedutan dina tarang = Meunang kahormatan
4. Kedutan dina halis katuhu = nampa duit
5. Kedutan dina halis ke'nca = Meunang kabungah
6. Kedutan dina biwir panon katuhu = bakal ceurik
7. Kedutan dina biwir panon kenca = meunang kabungahan
8. Kedutan dina ceuli katuhu = aya beja hade'
9. Kedutan dina ceuli kenca = meunang kabungahan
10. Kedutan dina pipi katuhu = bakal gering
11. Kedutan dina pipi kenca = meunang kasusahan
12. Kedutan dina biwir luhur = bakal pase'a
13. Kedutan dina biwir handap = bakal ngomong
14. Kedutan dina gado = meunang kahadean
15. Kedutan dina letah = bakal cilaka
16. Kedutan dina beheung = meunang kahadean
17. Kedutan dina taktak katuhu = meunang duit
18. Kedutan dina taktak kenca = aya nu nga'hina
19. Kedutan dina siku katuhu = boga duit
20. Kedutan dina siku kenca = aya nu asih
21. Kedutan dina puhu kengeun katuhu = papanggih jeung baraya
22. Kedutan dina puhu lengeun kenca = kagadean
23. Kedutan dina dampal lengeun katuhu = meunang barang
24. Kedutan dina dampal lengeun kenca = miceun (ngaluarkeun duit)
25. Kedutan dina irung beulah kenca = nampa surat
26. Kedutan dina irung beulah katuhu = meunang teugeunah
27. Kedutan dina dada katuhu = papanggih jeung baraya
28. Kedutan dina dada kenca = meunang kabungahan
29. Kedutan dina susu katuhu = rek boga milik
30. Kedutan dina susu kenca = meunang milik
31. Kedutan dina beteung = Bakal meunang kabungahan
32. Kedutan dina tonggong = bagja
33. Kedutan dina cangkeng katuhu = meunang milik
34. Kedutan dina cankeng kenca = susah
35. Kedutan dina walikat katuhu = teugeunah
36. Kedutan dina walikat kenca = terkabul pamaksudan
37. Kedutan dina bujal = bakal meunang milik
38. Kedutan dina pingping katuhu = papanggih jeung sobat
39. Kedutan dina pingping kenca = kahadean
40. Kedutan dina tu'ur katuhu = cilaka
41. Kedutan dina tu'ur kenca = bungah
42. Kedutan dina bitis katuhu = halangan
43. Kedutan dina bitis kenca = untung
44. Kedutan dina dampal suku katuhu = indit jauh
45. Kedutan dina dampal suku kenca = susah
46. Kedutan dina ugel-ugel suku katuhu = cilaka
47. Kedutan dina ugel-ugel suku kenca = kahadean
48. Kedutan dina tonggong suku katuhu = kahadean
49. Kedutan dina tonggong suku kenca = gering
50. Kedutan dina keuneung katuhu = meunang bagja
51. Kedutan dina keuneung katuhu = papanggih jeung baraya

Tidak ada komentar:

Posting Komentar