Selasa, 11 April 2017

Rajah Siliwangi

Rajah Siliwangi

Amit ampun nun paralun ka gusti nu maha suci
Neda pangjiad pangraksa para abdi2 seni
Seja ngaguar raratan, titis waris nini aki
Ngembatkeun jalan raratan ka tampian geusan mandi
Ka leuwi sipatahunan leuwi nu ngaruncang diri , diri anu sakiwari
Rek muru lurung tujuh ngaliat ka pajajaran bongan hayang pulang- anting
Padungdengan- padungdengan jeung usikna pangancikan..pun sampun...
Sampurasun ka rumuhun ka hyang prabu siliwangi
Nu murba di pajajaran, pangauban seuweu siwi,
nu gelar di tatar sunda muga nyebarkeun wawangi.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar