Sabtu, 25 Maret 2017

paririmbon

Paririmbon atawa perimbon asalna tina kecap imbu hartina simpen. Jadi hartina hiji tempat pikeun sumpan-simpen. Éta tempat téh mangrupa buku anu di jeréona disimpen sagala catetan penting jeung hésé pikeun diapalkeun, wujudiahna buku kumpulan atawa tulisan  Naskah paririmbon loba kapanggih di daérah
Jawa Barat, magrupa bagian tina Mujarobat. Umumna masarakat ngagunakeun paririmbon pikeun padoman praktis dina kagiatan hirup kumbuh sapopoé, dina mangsa ayeuna ogé masih kénéh digunakeun ku sawatara masarakat anu masih kénéh percaya.
Dina raraga ngubaran, masarakat tradisional
Sunda jeung Jawa kacida merhatikeun kana waktu jeung kajadian anu dihubungkeun jeung sikleus kahirupan manusa.Masing-masing sikleus aya cara ngubaranana, anu béda-béda. Ngaran sikleus jeung cara ngubaran éta téh ditulis dina paririmbon (Sunda) atawa primbon (Jawa).
Masarakat Sunda mikawanoh kana kapercayaan anu geus jadi sakulit sadaging, nyaéta kapercayaan ngeunaan itung-itungan dina nyanghareupan rupa-rupa pagawéan. Utamana anu aya hubunganana jeung hadé goréng nasib, upamana dina tatanén , kuriak, kawin, samalah ngaranan orok ogé kudu diitung heula. Ngeunaan bener henteuna hasil itung-itungan tumali jeung kayakinan hiji jalma atawa kelompok dina ngalarapkeunana, nepi ka naon anu dipiharep tina niat atawa garapan téh henteu méncog tina harepan.
Dina prak-prakanana, itung-itungan ieu téh ngagunakeun taun , bulan , poé, jeung pasaranana anu masing-masing miboga ajén anu disebut
naktu atawa neptu . Itung-itungan téh upamana saperti ieu: Ahad ajénna 5, Senén 4, Salasa 3, Rebo 7, Kemis 8, Jumaah 6, Saptu 9. Dipatalikeun jueng itungan atawa ramalan, paririmbon leuwih nekenkeun kana hal-hal kadunyaan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar